Sabtu, 12 Januari 2008

PAMIANGAN

Ku Iip D. Yahya

Loba nu nyebutkeun yen budaya Sunda ayeuna aya dina mangsa nanjeur (renaisans). Anu jadi ciri-cirina di antarana tetep terbitna buku jeung koran dina basa Sunda nyakitu deui tumuwuhna sumanget kasundaan dina raraga otonomi daerah. Upama dibandingkeun jeung kaayaan budaya lian --budaya etnik di Indonesia-- budaya Sunda memang aya punjulna. Tapi soheh henteuna disebut manjing renaisans, masih merlukeun bukti-bukti anu leuwih daria. Sabab bisa jadi ciri-ciri anu kasebut tadi teu acan kauji ku waktu puguh lajuning lakuna.

Hiji perkara utama anu masih henteu kapalire dina saniskara wawangkongan ngeunaan Sunda, nyaeta ngeunaan manusa Sunda salaku anu ngahasilkeun (produsen) kabudayaan. Sawala kabudayaan lolobana leuwih mentingkeun kana hasil (produk) kabudayaan anu geus aya. Memang produk budaya oge hiji perkara anu kacida pentingna pikeun diropea. Tapi didasaran ku cita-cita nanjeurkeun budaya Sunda leuwih ti anu kahontal ayeuna, perhatian eta tacan nyukupan. Tacan nyumponan kana sarat unggulna budaya Sunda; nyaeta mere ‘nyawa’ ka manusa Sunda pikeun ngahirup-hurip budayana. Hiji perkara anu henteu enteng sabab urang Sunda ngaliwatan mangsa anu lila, geus leungiteun ‘prinsip’ pikeun tukuh kana budayana, alatan kudu kompromi jeung rupa-rupa budaya anyar/sejen anu teu bisa dibendung pangaruhna.

Sajatina pasualan manusa sabage produsen kebudayaan, jadi masalah universil pikeun masyarakat dunya wetan (Asia-Afrika), anu tepi ka danget kiwari aya dina kalangkang budaya kulon (Eropa-Amerika Serikat). Masyarakat kulon jadi ‘pangawasa’ anu nangtukeun ajen hiji budaya, anu ngalantarankeun masyarakat wetan ngan saukur bisa tuturut munding. Contona, budaya Sunda kakara boga ajen luhur lamun panalungtik kulon mupakat mere ajen anu luhur.

Dina mangsa kiwari, urang Sunda memang moal bisa nyorangan dina nanjeurkeun budayana. Tapi sahenteuna, kudu aya alesan anu kaharti, keur naon urang Sunda bet kudu tukuh dina budayana. Alesan anu lain politis atawa ngan saukur ekol ngakalan turunna dana ti Pemda. Alesan anu bisa ngahudangkeun sumanget sakumna urang Sunda pikeun ngamumule budayana. Ku kituna kudu aya hiji tetekon (paradigma) kabudayaan anu bisa ngawengku --henteu ngawilah-wilah-- sakur urang Sunda. Pikeun ngawujudkeun hal eta, kudu aya mangsa anu dijadikeun pamiangan. Urang Eropa dina neja renaisans-na, museurkeun perhatian ku jalan neuleuman kabeungharan filsafat Yunani. Maranehna ngamangpaatkeun keleukeunan para sarjana muslim anu geus ngaabadikeun filsafat Yunani dina mangrebu-rebu buku. Atawa urang Timur Tengah anu kiwari mulai museurkeun paniten kana kamajuan dina mangsa Baghdad, sabadana sadar yen teu bisa namplokkeun enteung kahirupan sagemblengna kana mangsa Madinah.

Tumerapna urang Sunda, kudu museur ka mangsa anu mana? Sim kuring ngusulkeun mangsana Prabu Wastu Kancana anu lungguh di Galuh ibukota Karajaan Sunda. Mangsa ieu leuwih eces mungguh para ahli sajarah. Hartina, mangsa ieu teu gaib-gaib teuing keur urang Sunda cara mangsa anu sejenna. Hiji mangsa anu puguh laratanana; boh ku sababaraha prasasti Kawali, boh ku makam di Nusalarang, boh ku sajarah Dyah Pitaloka (Citraresmi) anu moal kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Dina mangsa ieu aya Siksa Kanda ng Karesian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balarea. Dina kitab ieu pisan ditegeskeun pancen prepantun (juru pantun) sabage transformer ajaran agama/kapercayaan ngaliwatan carita pantun. Ayana carita-carita pantun, miturut Jakob Sumardjo, jadi hiji fakta sajarah anu teu bisa dibantah anu nuduhkeun ayana kahirupan intelektual dina masyarakat Sunda. Sabab hamo bisa aya carita pantun lamun lain diciptakeun ku intelektual anu masagi. Juru pantun mah saukur anu nepikeun ka balarea, tapi ari carita pantunna mah dianggit ku ‘para kreator’ anu tabah tur paripurna. Mangsa ieu meneran pisan pikeun ngajawab panyangka salah (prejudice) yen urang Sunda teu ngabogaan tradisi intelektual (mikir daria).

Prabu Wastu minangka pribadi anu visioner ku amanatna anu kawentar, aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di buana. Anjeunna miboga kayakinan yen generasi anu bakal datang bakal sanggup mawa Sunda jaya di buana ku jalan gawe rahayu. Tina mangsa anu ieu, tina ajen-inajen budaya anu dihasilkeunana, urang bisa miang kalawan teteg-panceg maluruh tur manggihan tetekon budaya Sunda. Hiji tetekon anu bisa mere kabagjaan ka sakur anu ngarasa miboga Sunda, anu terus ngahudang kana gawe nyata.

Iip D.Yahya, anggota Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul (KDKBK).

1 komentar:

Unknown mengatakan...

panuju pisan, Kang... hebat lah. didukung wastu kancana janten pahlawan nasional